BUDPARWARTA SUNDA

Mumule Basa Sunda Kang Jiwan Mateahkeun Wawacan Basa Sunda

×

Mumule Basa Sunda Kang Jiwan Mateahkeun Wawacan Basa Sunda

Sebarkan artikel ini

Kab. Garut, IDISI ONLINE,-

Tina saban pananggalan 21 Februari sok di pieling poena bahasa indung, di internasional saluyu sareng lembaran nu dicutat ku UNESCO widang organisasi Persirakatan Bangsa Bangsa.

@IdisiaOnline
Gulir untuk membaca

Dina kasampetan ieu, Ketua Dewan Kebudayaan Kabupaten Garut, Irwan Hendarsyah, SE., tina katerangana nyaritakeun giat reujeung Ketua IPSI Kab. Garut, Kang ADIS, ngajentrekeun, yen basa indung wajib di mumule, nyatanya Bahasa Sunda, bahasa keur urang Sunda.

Bahasa mangrupi sawiji alat pikeun ngajelaskeun sagala harti ka asup tina budayana.

Lamun salah dipakena tangtu bakal nyalahan harti, kusabab Bahasa Sunda ngandung harti nu jero ka asup jeung undak unduk basana.

Dumasar kana cumaritan kang Jiwan, anjeuna ngaraos miris kukaayaan, saujradna make basa nu teu merenah. Sok loba ngucapkeun kalimat garihal, kasar teu uni diturut.

Salah sahijina tina kasus ade londok nu viral ku babasan garihal, nu langkung ngarahetan urang Sunda ku bahasa nu kasar garihal di bere panghargaan ku gubernur jawa barat salaku duta kuliner, teges Jiwan.

Ti saprak harita ketua DKKG terus ngelingan satekah polah, kusabab mun leungit bahasana tangtu ilang budayana mun tos ilang budaya, bangsana tangtu lengit, jelas harkat martabatna, tangtu sirna.

Kang jiwan oge salah sahiji nu terus ngaropea bahasa, ngabukti tina teu sapanuju kana kabijakan, nalingakeun yen eta anugrah nu dibikeun ka ade londok tina babasan Sunda nu garihal.

Nu ahirna jadi contoh teu bener ka nu lian, nepi ka budak leutik ge jadi kebiasaan ngucap garihal, jelas ieu bakal ngarubah tatanan adab sopan santun tina ucapna nu ngaruh kana lampahna, enggeuh Jiwan.

Kiwari geus jarang nu ngariksa kana basa indung nyatana basa sunda, geus sakuduna jadi pancen urang balarea silih ropea pikeun ngajen kana basa indung anu bener tina undak unduk basana.

Info Lainnya  Melalui Gelar Silaturahmi Budaya, DKKG Mengusung Lasminingrat jadi Pahlawan Nasional

Ngarah jentre tumaninah tina milampah pikeun nangtungkeun jati diri kisunda anu kawilang santun someah gareuhgeuh.

Kang Jiwan rumanjak kasadaya pikeun make basa indung, nyatana basa Sunda, harepan leuwih nangtung tur nanjung di alam dunya international.

Tur ngajaga tina basa nu hade meh teu aya deui Ade londok nu kiwari tilem, ku polah sorangan.

Basa daerah mangrupikeun basa anu ngarojong kana kamajuan Basa Nasional.

Moal aya Bahasa Nasional (Indonesia) upami teu aya Basa Daerah.
Boh Basa Sunda boh basa Padang, Batak sareng sajabina di wengku di hijikeun janten Bahasa Nasional, ngajanggelek we BHINEKA TUNGGAL IKA sanajan beda-beda tapi satujuan.

Masyarakat NUSANTARA kawentuk ku Sejarah anu sakitu panjangna, ngawariskeun peninggalan-peninggalan anu ka simpen dugi ka ayeuna ngajadikeun warisan Budaya boh basana atanapi Senina.

Lain menang maok atanapi jol aya kitu wae. Kenah kenah ayena di aku ku batur. Hajeuh kamarana atuh para ahliwarisna. Kudu jadi panyumanget pikeun urang sadaya kanggo ngalestarikeuna.***

Reporter : Hendra Gunawan

error: Content is protected !!