Ku : Kang Oos Supyadin, Pangurus Dewan Adat Kabupaten Garut (DAKG)
Garut, Idisi Online – Istilah Kai Garut parantos aya samemeh aya Kabupaten Garut malihan bisa jadi masih jauh tibahditu na keneh nyeta hiji kecap ngawalan keur manggil ka dulur na, babaturan na atawa ka jalma sanes na.
Conto na,,, “Kai Ahmad mah kiwari tos seueur pisan Munding na”.
Tapi kiwari eta kecap Kai teh tos tara dianggo deui, langka pisan kadangu deui.
Kecap Kai asalna tina Kahi, jadi mun diurutkeun mah Kahi – Kai – Ki.
Bisa jadi kecap Kai eta teh tanda kaakraban bahkan jiga geus jadi DULUR. Naon atuh nu disebut Dulur ceuk Ajaran Sunda? Mangga urang maknaan eusina Wangsit Uga Siliwangi :
“Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Engké jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan, tah éta tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang!”
Tina eta Wangsit Uga Siliwangi teh aya tilu ciri nu disebut Dulur teh nyeta :
Hiji, “anu jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur”. Numutkeun wangsit ieu mah yen nu disebut dulur teh nyeta jalmi nu sok ngelingan jeung nu sok ngageuing lain saukur ka nu jadi dulur na tapi oge ka batur oge.
Kadua, “anu salembur”. Numutkeun wangsit ieu nu disebut dulur teh nyeta nu sami asal lembur na atawa sami daerah na. Misal, urang Garut jeung urang Garut teh kudu ngaku dulur.
Katilu, “anu nyorang sauyunan ka sakabeh nu rancage dina hatena”. Numutkeun wangsit ieu yen disebut dulur nyeta jalmi anu sapendirian jeung sapamadegan oge sauyunan tur boga sifat hade ka sasama.
Nu kaopatna mah disampurnakeun ku datang na Ajaran Islam ka tanah Sunda yen nu disebut dulur teh nyeta nu saiman, “innamalmu’minuna ikhwatun”.
Salam Rahayu
Ajaran Sunda, “Nu Disebut Dulur Ceuk Wangsit Uga Siliwangi”






