WARTA SUNDA

Dewan Kebudayaan Kabupaten Garut Ronjatkeun Fungsi Organisasi

×

Dewan Kebudayaan Kabupaten Garut Ronjatkeun Fungsi Organisasi

Sebarkan artikel ini

Kab. Garut, IDISI ONLINE,-

Mangga urang sakedik bejer beaskeun, naon eusina Dewan Kebudayaan Kabupaten Garut (DKKG), nyoko kana singgetna DKKG eces pihartieuna. Poma mun seug nitenan Undang-Undang Nomer 5 Tahun 2017 ngeunaan Pemajuan Kebudayaan.

@IdisiaOnline
Gulir untuk membaca

DKKG danget ayeuna di pingpin ku Kang Jiwan sebutan akrab Irwan Hendarsyah, SE. Pikeun ngaronjatkeun kebudayaan nu aya di Kabupaten Garut, Kang Jiwan dibarengan para pengurusna terus berjoang, utamana ningkatkeun SDM pangurusna.

Kang Jiwan ngajentrekeun, “nu sababaraha kali aya pangjelasan tina media, boh dina obrolan mun ker babareungan, tur nu akhir salira di libatkeun dina kegiatan-kegiatan nu sifatna dongkap ti pamarentahan, salah sahinina dina giat Disparbud”, unggelna.

“Tina runtuyan kapangurusan DKKG ayeuna masih tetep tina kapangurusan kahiji, kiwari nuju bongkar pasang milarian anu pas pikeun kapangurusan ka 2. Heunteu gampang milarian anu lila anu nyaah anu bisa ngaropea, da teu cukup ku sakedar ku pangaresep, kedah pokus kana ugeran nana”, saur Kang Jiwan.

“Prah jeung Pamarentah tina bab ieu mangrupikeun patner gawe tur kontrol sosial dina masyarakat”, tegesna.

“Ku nilai ngajen kana budaya leuwih kana harti panataan kahirupan nu ngabudaya. Rek masalah hukum, sosial, ekonomi, politik, aya dina budaya lain rek berpolitik tapi wajib pahamna kana bab politik”, tambih Kang Jiwan.

Masih saur Kang Jiwan anu dibarengan ku Sekretaris DKKG Kabupaten Garut, Ratno S. Ngajelaskeun sangkan DKKG Kabupaten Garut jadi hiji organisasi anu bisa babarengan jeng Pamarentah pikeun ngaronjatkeun pembangunan khususna di bidang Kebudayaan.

“Mun bangsa ngajen kana budayana tangtu gede bangsana, mun geus teu ngajen kana budayana cirining lengit bangsana. Yaktos ieu patula patali sareng kapentingan rahayatna, pikeun ngawangun rakyat nu tentram sajahtera tur sajabana”, pokna.

Info Lainnya  Mumule Basa Sunda Kang Jiwan Mateahkeun Wawacan Basa Sunda

“DKKG can cukup nangtukeun ajen-ajen tina itungan taun nu karek nincak taun ka 2 kiwari maju taun ka 3, masih butuh pejuang-pejuang nonoman pikeun ngangkat martabat tina budaya”, Kang Jiwan ngamotivasi.

“Bilih kirang paham mangga di haturanan di saung butut DKKG, dugi ayeuna teu acan gaduh kantorna, ngan saukur aya kango ngiuhan wungkul, sanak ditawisan diditu di didie ku pamarentahan terkait”.

“Kumargi hoyong berdikari pikeun netralisasi gawe DKKG, hapunten bilih kirang lengkap panjelasan nana, maklum masih diajar leleng kahala”, pungkas Kang Jiwan.

Reporter : Hendra Gunawan

error: Content is protected !!